Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Kang Oneng didaulat menjadi Direktur BUMDes Pusakamulya

Ti kènca ka katuhu: Ahmad Hendri (Kades Pusakamulya), Irvan Gunawan (Sekretaris BUM Desa Pusakamulya), Za'enx (Bendahara BUM Desa), Onèng (Direktur BUM Desa), Asep Sendjaja (Camat Kiarapedes), Domo (Ketua Bamusdes Pusakmulya), Ida Oktiawati (Pendamping Desa) dan Agus Somantri (Pendamping Lokal Desa).


Kiarapedes Mantes - Ahmad Sadili, anu akrab disapa Kang Oneng, nampi mandat ti warga Desa Pusakmulya kanggo ngelola BUM Desa. Anjeun na siang kamari (23/11/2017), resmi janten Direktur BUM Desa melalui musyawarah di Aula Kantor Desa Pusakamulya.

Salain pamarèntah dèsa, Bamusdès, lembaga-lembaga, unsur-unsur masyarakat desa nu aya di Pusakamulya, musyawarah pembentukan BUM Desa oge dihadiran ku Camat (diwakilan ku pa Yana), TPID, PD sareng PLD.

Irvan Gunawan, Sekretaris. Latar Belakang: Pengusaha Percetakan

Alhamdulillah musyawarah na lancar, dipimpin ku Ketua Bamusdes, Pa Yayat Domo. Direktur dipilih ku cara musyawarah (aklamasi), forum ngajengkeun Kang Oneng tur disatujuan ku sadaya unsur. Kang Oneng, ngangkat Kang Irfan janten Sekretaris, sareng ngangkat Kang Zaenx janten Bendahara.

Za'enx - Bendahara. Latar Belakang: Pengusaha Agribisnis

Di akhir acara, Kang Oneng di na pidato munggaran na ngajak forum nangtoskeun nami kanggo BUM Desa. Dipasih usul ku Pangersa Pa Kepala Desa (Ahmad Hendri), nami na kedah ngagambarkeun kakompakan na warga Pusakamulya, sareng ngajengkeun Pa Dirman salaku Lurah hurmat janten Penasehat BUM Desa.

Kang Onèng - Direktur BUM Desa. (Latar Belakang: Jèger dan Pimpinan Koperasi)

Sakumaha du'a ngabuka acara, panutup acara ogè ditutup ku du'a Ustad Ijudin. Saparantos rèngsè musyawarah tur tamu uleman ngabring ka warung satè H. Udung di Cikubang, minangka syukuran, saba'da sholat lohor taruang satè berjama'ah. (*)

Posting Komentar untuk "Kang Oneng didaulat menjadi Direktur BUMDes Pusakamulya"